Album:Buah Jagong
Mimiti muka bajuna
Katinggal reumbay buluna
Terus di cabut buukna
Katinggal ieuh… nyelap sikina
Sanggeus di buka bajuna
Nepi kabita ninggalna
Rupa rupa da bentukna
Aya nu panjang ieuh aya nu pondok
Naon ngaranna eta nu kitu?
Da buah jagong
Reregean ieu rupa bentukna
Ngaberes eceu jajaranana
Dikulub akang ngasakanana
Raos nikmat ieuh da di tuangna
Anu ngora sok di angeun
Dicampuran kacang beureum
Lauk pauk rencang sangu
Tuang rewog ieuh da nu mamayu